Ayena urang nuju ngalakonan puasa, peryogi di perhatoskeun saurna aya Tujuh Hal anu matak ngabatalkeun kana Puasa:
*1. DIUK*
Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,éta nu matak ngabatalkeun kana puasa,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh manis éta gé sarua batal puasana
*2. LUMPAT*
Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol éta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah.
*3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING*
Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas.
*4. SURA SEURI*
Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.
*5. NGALAMUN*
Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa lamun ngalamuna dibarengan ku ngebul haseup rokok tina baham.
*6. MAEN FACEBOOK atawa BBM*
Maen Facebook atawa BBM an ogé matak ngabatalkeun puasa lamun gigireun aya cikopi jeung goréng pisang haneut kénéh ditambah sabungkus Rokok,tuluy diopi.
*7. HITUT*
Hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun ngabatalkeun puasa,hitutna waé bisa ngabatalkeun Wudlu komo ngadahar kulub hui pasti batal puasana.